Ngenal Kawung Digital : Warisan Karuhun Dina Rame na Dunya Anyar.

 Tujuan Ulah sampe "Jati" Kasilih Ku "Junti" anu lain di arenya-enya, Anu enya di lain-lain. Jiga oray nyaan digarebugan Ari Oorayan dibareulian..😅

  Kunaon disebut "Kawung Digital.. Kusabab dina nyanghareupan Dunya Digital jaman ayeuna kieu masih  keneh aya bagian  tina Sejarah Karuhun Urang baheula anu Kiwari tos Seuer di Popohoken mangpaatna Ku Jalma rea. Padahal hasil Gula anu sakinten gampilna hanteu seusah Ngical, tiasa dianggo dijaman Kiwari (jamanDigital) kanggo Mencukupi Kebutuhan sadidinten Urang.

 Framming anu tos Leuket dina hate Loba jalma anu ngagambarken Rehna Ngagawean Tangkal kawung alias nyadap kawungteh sok digambarken ku gambaran atawa simbol anu Negatif, aya nu nyebutken yen Nyadap Kawungteh kampungan atawa Ndeso, kadang dianggap jalma anu mentok teu bisa ngagawean deui anu sejena dina widang mangfaat atawa usaha anu ngahasilken materi.

Sok Padahal Senyana sareng saestuna   (Sanes anu hees tembong Huntuna) Dina prak-prakana  urang Migawe Nyadap Kawungteh Mung saukur meaken waktu anu sasingket-singketna dina unggal Poena,

Lamun Urang Ningali Jalma rea anu gawena kantoran Atawa di Pabrik anu sakitu Panjangna Urang sebagai tukang sadap kawung mung saukur meaken Waktos Anu sakinten Irit Tur hemat.

Dina sapopoe kagiatan Nyadap kawung Anu Biasa  Ku Simkuring di jalanken Waktos Nyadap Sadidintenteh Mung saukur Satu jam Enjing Waktuna Urang Mupul "Lodong" (wadah tempat Nira/Legen).

Satu jam eta cekap kanggo Mupul hasil Legen Nira anu seerna sakitar Opat tangkal anu tiasa ngahasilken gula gandu sakitar 30 gandu sedeng  atawa langkung ,sekitar 150 gram kanggo diical denngan harga Rp5000. per ganduna . upami sadinten urang kenging artos sekitar Rp 15,0000 maka dina lebet sasasih Urang tiasa kenging artos sakitar 4,5 jutaan anu tangtosna ieu tiasa dilarapken kanggo Kabutuhan urang sadidinten. 

"Era jeng "Sieun ngan sementara sedengken kabutuhanmah salamina ngukuntit urang salila hirup, 

Mangga kasing saha wae anu bade Ngamimitian nyadap kawung tiasa gabung ka ieu Blog .diantos dukunganana , 

Hirup sing jiga tangkal kawung beki Kolot beki handap langarina mere mangfaat Ka Kulawarga sarta Kabalarea.. 

  Mugi ie carita ngajantenken motivasi kanggo Sarerea 

          Wasalam  Urang wang Lajeng Guar di mangsa payuna...



Komentar