Ngenal Kawung Digital : Warisan Karuhun Dina Rame na Dunya Anyar.
Tujuan Ulah sampe "Jati" Kasilih Ku "Junti" anu lain di arenya-enya, Anu enya di lain-lain. Jiga oray nyaan digarebugan Ari Oorayan dibareulian..😅 Kunaon disebut "Kawung Digital.. Kusabab dina nyanghareupan Dunya Digital jaman ayeuna kieu masih keneh aya bagian tina Sejarah Karuhun Urang baheula anu Kiwari tos Seuer di Popohoken mangpaatna Ku Jalma rea. Padahal hasil Gula anu sakinten gampilna hanteu seusah Ngical, tiasa dianggo dijaman Kiwari (jamanDigital) kanggo Mencukupi Kebutuhan sadidinten Urang. Framming anu tos Leuket dina hate Loba jalma anu ngagambarken Rehna Ngagawean Tangkal kawung alias nyadap kawungteh sok digambarken ku gambaran atawa simbol anu Negatif, aya nu nyebutken yen Nyadap Kawungteh kampungan atawa Ndeso, kadang dianggap jalma anu mentok teu bisa ngagawean deui anu sejena dina widang mangfaat atawa usaha anu ngahasilken materi. Sok Padahal Senyana sareng saestuna (Sanes anu hees tembong Huntuna) Dina prak-prakana ...